Manqobah 26

MANQOBAH KA 26 NYARIOSKEUN ANJING ANU TUNGGU ISTALNA GEUS MAEHAN MAUNG


Dicarioskeun, Syekh Ahmad Zandah, ana sumping ka aulia-aulia sok tunggang maung, sareng sok disaruguhan 1 sapi parab meongna.

Barang sumping ka Sayyid Abdul Qodir, teras miwarang marabkeun sapi paranti nimba.

Barang eta sapi rek dirontok ku maung, di dinya aya anjing dina lawang istal, gabrug maung teh dirontok ku anjing dipaehan. Tidinya teras Syekh Ahmad Zandah ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir sareng nyium kana pananganana.


***
Home