Manqobah 47

MANQOBAH KA 47 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DICOBA DIGODA SETAN


Hiji waktos anjeuna ditojo ku cahaya anu pohara, dugi ka ngagebray caang sakuriling bungking.

Tina eta cahaya jol aya rupa anu kacida alusna sarta nyaur ka Sayyid Abdul Qodir:
"Heh Abdul Qodir, ieu kaula Pangeran maneh. Ayeuna kaula kamaneh geus ngawenangkeun migawe sakabeh paharaman!".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"A'ùdzu billàhi minasy syaithònir rojìm, mantog siah syetan!".

Reup cahaya jadi poek. Belegedeg rupa anu alus teh jadi haseup. Jerit syetana ngajerit bari ngomong:
"Salamet maneh Abdul Qodir. Kaula geus nyilakakeun kutipu bangsa bieu 70 kaom anu keur ngambah ka Pangeran".

Santri-santrina naros:
"Kumaha katawisna eta anu nyarios teh syetan?".

Saurna:
"Kami nyaho yen eta syetan tina omonganana, ngawenangkeun migawe paharaman".


***
Home