tag:blogger.com,1999:blog-34585452548751764182024-03-14T15:20:28.785+07:00MANQOBAH SYEKH ABDUL QODIR AL-JAILANIAbdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comBlogger55125tag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-37302752589240796312010-01-03T01:04:00.016+07:002010-12-12T19:10:48.224+07:00Bubuka Manqobah
اعوذ با الله
من الشيطان الرجيم
أَلا إِنَّ أَوْلِيَاء اللّهِ لاَ خَوْفٌ عَلَيْهِمْ وَلاَ هُمْ يَحْزَنُون
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيم
Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.
Rahmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat.
Amma ba'du
Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil 'Ulama Assayyid 'Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab 'Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul Qòdir.
Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib.
Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan.
Amin.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-90740017776595210502010-01-03T00:59:00.006+07:002010-12-12T19:09:53.322+07:00Manqobah 1 MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL QODIR
Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta putrana Abi Sholeh Janaki Dasti
putra Abdulloh putra Yahya Azzahid putra Muhammad
putra Daud
putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun putra Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna
putra Sayyidina Hasan cucu Kangjeng Rosululloh SAW
putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib k.w. sareng putra Siti Fathimah binti Rosululloh SAW.
Jadi ayeuna tetela pisan yen nasabna Sayyid Abdul Qodir teh nasab anu kalintang luhurna sareng agungna, sahingga satengah ulama ngadamel tawasul ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun rupi-rupi pamaksudan, sepertos ieu:
"yà robbanà bilhaikalin nùrònì, albàzi abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal hhidàyati wakhminà, ming syarri kulli ma'ànidin awjàni, bi-abìhhi 'abdillàhi farrij karbanà, waqdli hawà-ija 'abdikal walhhàni,
wa bijinnika dumta ilàhhì aghninì, waj'alnì fì bahril mahabati fàni, bilquthbi 'abdillàhi dàwi 'illatì, wa biyahyà uhyil qolba bil'irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi dàwuda iksinì, tawàbal bahà walwuddi fil ajmàni, bi abìhhi 'abdillàhi ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan nuqshòni, walthuf binà fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri jinàni, walmahdli 'abdillàhi lil-ihsàni mahdlòriqinì tsummàksitì bima'ànì, bil-anwàril hasanil mutsannà nawwiròn, 'aqlì walà tatruknì lil-akwàni, wa abìhhi awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl 'adnàni, hasanij-jakiyyibnil imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl hattàni, yassirlanà kulal umùri wa'àfinà,
ming kulli hhammin awbalà aw'àni.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-40738557066959766812010-01-03T00:58:00.005+07:002010-11-09T09:29:18.589+07:00Manqobah 2MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR
Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi yuswana mung 91 taun.
Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah.
Karomah nu ka 1:
Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana:
"Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak lalaki, eta teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Allah, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian.
Karomah nu ka 2:
Nabi-Nabi oge saba'dana Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma'shum eta di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti Allah tina kawalianana.
Karomah nu ka 3:
Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna.
Karomah nu ka 4:
Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran.
Karomah nu ka 5:
Dina walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna bade tunggang kana buroq dina wengian mi'roj, sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta oge hiji perkawis anu luar biasa.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-86746360980366842222010-01-03T00:56:00.006+07:002010-11-09T09:30:02.527+07:00 manqobah 3 MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR
Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami.
Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian.
Sadayana guru anjeuna pada nyarioskeun kana calakanana.
Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli.
Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi.
Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas.
Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa'id Al-Mubarok.
Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan.
Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-34373652938219186422010-01-03T00:52:00.005+07:002010-11-09T09:30:44.229+07:00manqobah 4MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR
Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun ku Allah, sahingga gampil pisan kaluar cisocana, sareng diijabah du'ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain karna Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun anggoanana.
Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Kasepna kawaris kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf as.
Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra.
Adilna adil Sayyidina Umar ra.
Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman ra.
Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali kw.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-42337437579878473962010-01-03T00:49:00.003+07:002010-11-09T09:31:22.972+07:00manqobah 5MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI
Ari panganggona nyaeta jubah nu didamel tina bulu domba anu kasar.
Dina mastakana dibeulitan ku saceuwir lawon.
Ari angkat-angkatan, sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi sapatu.
Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi wahangan.
Ari wengi seseringna tara kulem.
Hiji waktos anjeuna parantos sababaraha dinten henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma:
"Ieu jisim abdi seja babakti, nyanggakeun artos. Ari artosna diwadahan dina kanjut kundang. Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Nuhun", sareng eta artos ditampi.
Teras Sayyid Abdul Qodir ngagaleuh roti keur katuangan.
Barang anjeuna parantos calik bade tuang roti, guprak aya serat anu ragrag ti awang-awang. Ari unina eta serat kieu:
"innamà ju'ilatisy syahhwàtu lidlo'afä-i 'ibàdì liyasta'ìnù bihhà 'alàth thò'àti, wa ammàl aqwiyà-u famà lahhum walisy syahhwàti".
Hartosna:
"Pikeun abdi aing anu lembek, memang dipaparin syahwat kana barang dahar, supaya bisa nulung kana tho'at. Ari pikeun jalma anu gagah mah naon perluna nurutkeun syahwat?".
Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras dituang. Teras anjeuna angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh samata-mata pepeling tinu Agung kana salirana.
HomeAbdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-13132689643144120172010-01-03T00:48:00.007+07:002010-11-09T09:32:10.702+07:00manqobah 6MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK
Waktos Sayyid Abdul Qodir calik di tegalan Irak, anjeuna disumpingan ku Kangjeng Nabi Khidir as. Sareng teras Kangjeng Nabi Khidir nyarengan calik di Irak sawatara lami.
Saur Nabiyulloh Khidir:
"Upami salira palay disarengan, ulah nyulayaan, margi ari nyulayaan teh eta sok matak papisah".
Saparantos kitu, teras Kanjeng Nabi Khidir mulih, mung jangji ka Sayyid Abdul Qodir bade ngalongokan sataun sakali.
Ari Sayyid Abdul Qodir calik dina tempat panuduhan Kangjeng Nabi Khidir.
Sataun sakali sok dilongokan, kenging 3 taun.
Dawuhan Syekh Abù 'Abdillah Muhammad Al-Hirowi:
"Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40 taun.
Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya.
Upami anjeuna parantos netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi ka shubuh.
Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok ngantos dugi ka shubuh".
Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi:
"Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan.
Ari damelna sonten keneh netepan sunnat.
Ari kawenginakeun teras dzikir.
Ari parantos ngalangkung sepertiluna wengi teras ngaos:
"almuhìthur robbusy syahhìdul hasìbul fa'àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir".
Tidinya salirana beuki alit-beuki alit, dongkap ka alit pisan.
Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi.
Ari parantos ageung, teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali.
Ari parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng kalintang lamina dina sujud.
Kitu bae damelna, dugi ka duapertiluna wengi.
Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep ka kiblat, ngaos pirang-pirang du'a.
Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar".
MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR
Sayyid Abdul Qodir ditaros:
"Naon anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"'Alash shidqi wa mà kadzibtu qoth". Hartosna:
"Ari tangtungan kaula jeung dadasar kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong".
Dicarioskeun waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan.
Barang eta onta keur digiringkeun, eta onta ngomong, pokna:
"Heh Abdul Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!".
Anjeuna kaget aya onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun.
Ari anjeuna teras angkat ka loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna:
"Ibu, tadi onta anu bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Allah teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade masantren ka Baghdad".
Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang bingahna. Saurna:
"Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan".
Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Nyuhunkeun hibar ibu bae".
Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring sareng ontan-ontan anu ka Baghdad.
Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan.
Barang dongkap kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-parabotna, teras sadayana sodagar dirampog.
Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog:
"Silaing boga naon?".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun kelek kaula!".
Ceuk rampog: "Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi.
Eta rampog henteu percayaeun deui bae.
Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge.
Ceuk kapalana:
"Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana.
Barang sumping ka kapalana rampog, teras ditaros cacandakanana.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!".
Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana.
Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae.
Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir:
"Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari acan ditakol mah?".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Kaula mah henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung".
Tidinya segruk eta kapala rampog teh ceurik, bari ngomong kieu:
"Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna henteu wani ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti Allah ditangan sampean".
Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat.
Barang-barangna anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna.
Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka Baghdad. Harita yuswana 18 taun.
MANQOBAH KA 9
NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521:
"Kaula ningali Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana:
"He anak Kaula, naha maneh henteu geura muruk mitutur ka jalma-jalma?".
Teras kaula unjukan:
"Kumaha rek tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu parasehatna".
Dawuhan Rosululloh:
"Coba bukakeun sungut maneh!".
Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna:
"Jig, maneh geura muruk mitutur. Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus".
Saparantos kitu, tuluy kaula sholat dzuhur.
Henteu kungsi lila, burudul jalma-jalma daratang kacida seueurna.
Kaula ngadegdeg, jeung hate kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita.
Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg hareupeun kaula.
Dawuhanana:
"Naha lain geura pok muruk mitutur teh?".
Unjukan kaula:
"Ieu da hate abdi ngageter wae, gado noroktok."
Dawuhan Sayidina Ali:
"Coba calangap!".
Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula:
"Kumaha margina henteu tujuh kali?".
Dawuhan Sayidina Ali:
"Karana adab ka Rosululloh".
Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya.
Ari saparantos kitu mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur.
MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA MASING-MASING PADA BOGA MASALAH
Dicarioskeun ku Syekh Abu Muhammad Al-Mufarroj:
"Waktu kaula milu hadir dina majlis Sayyid Abdul Qodir, sarumping 100 ulama Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta masalahna henteu sami.
Barang eta ulama-ulama parantos caralik dipayuneunana, teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya tina leresan manahna. Eta cahaya teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea.
Saparantos ulama-ulama kaliwatan ku cahaya, teras ulama-ulama eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit, teras maruka sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid Abdul Qodir. Teras sampean Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana sirah ulama-ulama ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang cekcokna, ngaguruh henteu aya daratanana.
Ari saparantos kitu, teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku Sayyid Abdul Qodir ditangkeupan saurang-saurang.
Ari parantos sadayana ditangkeupan, teras masalah saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul Qodir sareng jawabanana.
Sadayana ulama pada kaget ku kapinteran Sayyid Abdul Qodir dina ngajawab masalah sareng karomatna.
HomeAbdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-40026654286156228812010-01-03T00:44:00.003+07:002010-11-30T18:58:11.604+07:00 Manqobah 11 MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi:
"Dina wengian mi'roj Kangjeng Nabi, sumping malaikat Jibril nyandak buroq.
Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan.
Ari paku-pakuna cara bentang.
Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi, eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: "Kunaon buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?".
Tuluy eta buroq unjukan. Pokna:
"Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes".
Dawuhan Rosululloh:
"Heug, dikobul pamenta maneh".
Unjukan deui eta buroq:
"Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah".
Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq.
Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta.
Tidinya Kangjeng Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu saneh.
Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A'zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan:
"Gusti, mangga ieu punduk abdi titih ku Gusti".
Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul A'zhom. Teras Ghoutsul A'zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi:
"Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh".
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-55249649126688754682010-01-03T00:43:00.002+07:002010-11-30T19:13:31.875+07:00 Manqobah 12 MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun dina kitab Roudlotun Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul Qodir, dina bab ka 6, ti zaman Abi Ali Al-Hasan Al-Bashri dongkap kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu aya hiji alim anu muruk agama islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal zhohirna Sayyid Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama pada ngaku kana kawaliyanana Sayyid Abdul Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid Abdul Qodir bakal ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal nincak kana pundukna wali. Sareng wali-wali narima kana eta embaran, kajaba hiji wali di nagara Ashfahan henteu narima kana eta embaran.
Kumargi henteu narima kana eta embaran, eta wali anu sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana.
Jadi Sayyid Abdul Qodir teh ampir 300 taun deui kalahirna, parantos masyhur kawaliyanana.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-67246300791788331642010-01-03T00:42:00.002+07:002010-12-09T23:58:34.960+07:00 Manqobah 13
MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR HENTEU GADUH WUDLU
Dicarioskeun dina kitab Kalzaril Ma'ani, dina nembean Sayyid Abdul Qodir kenging pangkat kawalian, anjeuna kabuleun ku sifat Jalaliyah, tegesna sifat kagagahan.
Tina margi kitu, jenenganana oge kalintang ahengna, sahingga upami jenenganana disebut henteu kalawan adab, nyaeta henteu gaduh wudlu, mangka pegat beuheungna jalma nu nyebut henteu gaduh wudlu tea.
Saparantos kitu Sayyid Abdul Qodir tepang sareng Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi:
"Hey Abdul Qodir, eta pagawean maneh ulah dipigawe, karunya ka jalma-jalma di akhir zaman, sabab jaga mah pirang-pirang jalma anu nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge henteu kalawan adab".
Teras eta padamelan ditilar, margi ulama-ulama Baghdad pada ngadareuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta padamelan ditilar, margi hawatos ka jalma-jalma.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Ieu teh lain kahayang kaula. Kaula meunang timbalan ti Gusti Allah:
"Maneh geus ngagungkeun kana jenengan Aing, jadi ngaran maneh oge diagungkeun ku Aing.
Dawuhan satengah
ulama:
"Numawi jenenganana kalintang sangetna, anjeuna sok ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil Yamani karangan Sayyidina Ali kw 'anhu.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-62983522711773266112010-01-03T00:38:00.005+07:002010-12-10T00:18:50.552+07:00 Manqobah 15
MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A'ZHOM
Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna:
"Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, jig bae balik. Anak maneh geus aya di imah".
Tidinya teras eta awewe gura-giru balik.
Barang dongkap ka imahna, anakna henteu aya.
Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Ayeuna mah tangtu geus aya".
Deregdeg deui eta awewe balik.
Ari dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan, nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna.
Barang cengkat, ngadawuh. Saurna: "Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya".
Tidinya teras eta awewe balik.
Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna:
"Jisim abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna. Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua kali?".
Dawuhan Gusti Allah: "Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan deui:
"Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan kasusahan. Nya kitu deui dina ba'atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti numawi sakitu lamina?".
Dawuhan Gusti Allah:
"Abdul Qodir, maneh entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku aing?".
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna:
"Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna".
Dawuhan Gusti Allah:
"Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma'ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi emas".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna saparantos maot abdi".
Dawuhan Gusti Allah:
"Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami".
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-40103987897470630382010-01-03T00:38:00.004+07:002010-12-10T00:10:27.802+07:00 Manqobah 14 MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA
Dicarioskeun ku guru-guru anu laluhung, saha-saha jalma anu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir henteu boga wudlu, mangka eta jalma ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina.
Sareng saha-saha jalma anu nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu dilakonan, supaya ulah kasebut jalma bedegong, matak kawalat.
Sareng saha-saha jalma anu ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum'ah, teras maca fatihah dihadiyahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana dibagikeun ka fakir miskin, sarta eta jalma nyuhunkeun syafa'at sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir dina ngahasilkeun maksudna, tangtu eta jalma meunang pirang-pirang pertulungan ti Gusti Allah kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir.
Sareng saha-saha jalma nu maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, tangtu eta jalma dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya akherat.
Jeung saha-saha nu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna, ngaagungkeun ka anjeuna, mangka eta jalma ku Gusti Allah dibungahkeun dina eta poe sarta dilebur dosana.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-59874176372176678702010-01-03T00:37:00.002+07:002010-12-10T06:59:48.599+07:00 Manqobah 16
MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
Dicarioskeun dina kitab Asroruth Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana hiji tempat.
Anjeuna mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan.
Ceuk bangsa islam:
"Eta Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni:
"Eta maneh nyebutkeun utami Nabi Isa, naon dalilna?".
Ceuk nashroni:
"Eta, Nabi Isa mah sok tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi Muhammad?".
Ceuk nashroni:
"Kantenan bae terang mah".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Lamun kaula bisa ngahirupkeun anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi Muhammad?".
Jawabna:
"Kantenan bade iman".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Coba urang neangan kuburan anu geus heubeul".
Nya manggih kuburan anu kira-kira geus 500 taun lamina.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Nabi Isa ari ngahirupkeun anu geus maot, kumaha pokna?".
Ceuk nashroni:
"Qum bi idznillàh".
Hartosna:
"Hudang maneh kalawan idzin Allah" .
"Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì". Hartosna:
"Nangtung maneh kalawan idzin kami!".
Tidinya tuluy eta kuburan beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta jalma tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-58138123431065533502010-01-03T00:36:00.002+07:002010-12-10T07:06:51.724+07:00 Manqobah 17
MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad Rifa'i:
"Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup deui.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina poe eta, diwadahan dina wadah ma'nawi sarupi zambil.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu ngarana !".
Saur Malakal Maut:
"Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan arwah teh lain sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta kudu disetorkeun ka anjeuna".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Enya, kaula oge terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae".
Saur Malakal Maut:
"Moal tiasa !".
Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti Allah, kadieukeun eta roh bujang kaula !". Bari teras eta wadah arwah teh direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras diucutkeun.
Atuh budal sadayana roh anu kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna.
Tidinya teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna:
"Beu Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul Qodir".
Dawuhan Gusti Allah:
"Enya eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna maneh hanjakal henteu dibikeun".
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-18951913969603170122010-01-03T00:35:00.002+07:002010-12-10T07:13:48.835+07:00 Manqobah 18
MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI
Dicarioskeun ku Syekh Hawad Al-Qodiri:
"Aya hiji lalaki ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, unjukan hayang gaduh anak lalaki.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh menta barang anu gholib, heug moal henteu boga".
Tidinya eta jalma saban dinten henteu petot-petot hadir di majlis Sayyid Abdul Qodir.
Barang parantos lami, eta jalma kalawan kapastian tinu Maha Kawasa gaduh anak, tapi anak awewe.
Teras eta anakna dicandak ka SAQ. Piunjukna:
"Gusti, kapungkur abdi nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu gening awewe?".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi lalaki !".
Teras eta orok dibuntel dibawa balik.
Barang dibuka di imahna, eta budak jadi budak lalaki kalawan idzin Allah Ta'ala.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-32761081626754296202010-01-03T00:34:00.002+07:002010-12-10T07:26:55.768+07:00 Manqobah 19 MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR
Kacarioskeun di jaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi eta jalma kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir.
Saeunggeus eta jalma maot, di jero kubur disual ku Malaikat Mungkar wa Nakir.
Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan Abdul Qodir.
Tidinya sumping timbalan ti Gusti Allah:
"He Mungkar wa Nakir, eta jalma bener pasek, siksaeun.
Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka kakasih aing, ayeuna dihampura ku aing".
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-6158223789792511992010-01-03T00:33:00.002+07:002010-12-10T07:41:37.834+07:00 Manqobah 20 MANQOBAH KA 20 NYARIOSKEUN MANUK NGALUHURAN KA ANJEUNA TERUS PAEH
1 waktos SAQ nuju abdas,aya 1 manuk hiber kaluhureun anjeuna.Barang eta manuk ditingali,guprak eta manuk teh ragrag, paeh.Tidinya teras anjeuna nyeuseuh kawayna,teras eta kawayna disidkohkeun,saurna: "Bisi kaula dosa,tah ieu baju kifarat dosa".
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-43316269236603664712010-01-03T00:30:00.002+07:002010-12-10T07:46:22.392+07:00 Manqobah 21 MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN NGAHIRUPKEUN DEUI ALAP-ALAP
Dicarioskeun hiji waktos anjeuna nuju ngawuruk di madrosahna, ari angin nuju ngagalebug. Kalayang aya alap-alap bari hantem disada kokoreakan, dugi ka anjeuna kapaksa liren, margi baribin ku sora alap-alap.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"He angin, cokot hulu alap-alap nu ngagandengan teh!".
Tidinya bet eta alap-alap teh pegat beuheungna, huluna papisah jeung awakna. Guprak ragrag kapayuneun Sayyid Abdul Qodir.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir turun tina korsina, nyandak alap-alap tea.
Teras eta alap-alap diusap kupananganana, bari ngaos:
"bismillàhir rohmànir rohìm". Geleber eta alap-alap teh hiber.
Sadayana santri-santri pada naringali.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-63664753756936789652010-01-03T00:29:00.002+07:002010-12-10T09:51:22.011+07:00 Manqobah 22 MANQOBAH KA 22
NYARIOSKEUN NGAMERDEKAKEUN ABID SARENG ANGGOANANA
Dicarioskeun dina sapalihna kitab, Sayyid Abdul Qodir dina saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-pirang abid.
Kenging ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka Allah.
Ari anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu pangaosna 10 jene saelona.
Ari dasterna pangaos 70 rebu jene.
Gamparanana ditaretes ku inten, jamrud sareng berlian. Pakuna perak. Nanging anggoanana anu sakitu seueurna teh, upami aya anu nyuhunkeun, sok dipasihkeun.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-6504180007632304542010-01-03T00:28:00.002+07:002010-12-10T10:01:09.151+07:00 Manqobah 23 MANQOBAH KA 23 NYARIOSKEUN TURUN KADAHARAN TI LANGIT
Dicarioskeun waktos Sayyid Abdul Qodir tapa 40 dinten, anjeuna moal ngadahar sareng moal ngaleueut kadaharan dunya, kajabi upami turun kadaharan ti langit, sareng kajabi cai dina waktos boboran.
Barang 2 dinten deui ka 40 dinten, bray lalangit bumina molongo. Jol hiji pameget nyandak wadah kenca katuhu, sareng pinuh ku rupa-rupa buah anu araneh. Teras diteundeun, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir.
Dawuhanana Sayyid Abdul Qodir:
"Ti mana ieu teh?".
Saur anu nyandak:
"Ti alam malakut, tuangeun salira".
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Jauhkeun ti kaula, sabab wadah emas-perak diharamkeun ku Rosululloh!".
Teras wadah emas sareng perak duanana dicandak deui.
Barang parantos boboran, sumping malaikat nyandak baki pinuh ku kadaharan.
Saurna eta malaikat:
"Heh Sayyid Abdul Qodir, ieu pangjamu ti Gusti Allah!".
Teras eta baki ditampi, sareng teras dituang sareng rencang-rencangna.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.comtag:blogger.com,1999:blog-3458545254875176418.post-25574780039020652622010-01-03T00:27:00.002+07:002010-12-10T10:29:17.943+07:00 Manqobah 24 MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN CALAGEURNA JALMA2 KU NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG NGALEUEUT CAI MADROSAHNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku ulama-ulama, di jaman Sayyid Abdul Qodir aya tho'un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-jalma anu maraot dina sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana:
"Saha-saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah kaula, dicageurkeun ku Allah tina tho'un".
Tina margi seueurna jalmi, jadi henteu cekap jujukutan pikeun ubar anu ku tho'un. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Saha-saha anu nginum cai madrosah kaula, dicageurkeun ku Gusti Allah".
Teras eta jalma-jalma ngaleueut tina cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta tho'un.
Home
Abdul Ghoetshttp://www.blogger.com/profile/07419530723353245471noreply@blogger.com