Manqobah 38

MANQOBAH 38 NYARIOSKEUN NYALAMETKEUN HIJI MURIDNA TINA SIKSA MUNGKAR WA NAKIR


Aya hiji jalma kacida bodona kana agama, tapi kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir.

Barang eta jalma maot, di kubur disual ku Mungkar wa Nakir. Saur malaikat:
"Saha Pangeran maneh? Saha Nabi maneh? Naon agama maneh?".

Jawabna:
"Duka henteu terang, da katerang abdi mah guru abdi bae, Sayyid Abdul Qodir!".

Kumargi eta jalma ngambat-ngambat ka Sayyid Abdul Qodir, malaikat Mungkar wa Nakir teh bingung, teras unjukan ka Gusti Allah. Saurna:
"Gusti langkung uninga kana jawaban hiji abdi si anu. Kumargi eta sadaya-sadaya, kumaha kersa Gusti".

Dawuhan Gusti Allah:
"Siksa sakumaha mistina!".

Barang eta jalma rek disiksa, sumping Sayyid Abdul Qodir sareng ngadawuh: "Heh Malaikat Mungkar wa Nakir, eta jalma ulah disiksa, kulantaran eta jalma kana agama euweuh pisan kanyahona. Kanyahona teh ngan ka kaula. Ayeuna kaula anu bakal mangjawabkeun. Kaula anu nyaho kana pertanyaan anjeun. Prak rek nanya masalah naon?".

Malaikat Mungkar wa Nakir beuki bingung. Teras unjukan deui ka Gusti Allah. Saurna:
"Gusti langkung uninga kana kaayaan abdi Gusti anu tea".

Dawuhan Gusti Allah:
"Siksa sakumaha perluna!".

Tidinya malaikat teras nyandak gada. Barang eta jalma rek ditinggang kumalaikat, gadana direbut ku Sayyid Abdul Qodir, bari ngadawuh kieu:
"Nyalingkir, sabab kamahabbahan dina batin kaula henteu aya keur nyaruakeun. Lamun ieu jalma keukeuh rek disiksa, tangtu surga jeung naraka diduruk ku kaula", hartosna di naraka moal ripuh, di surga moal senang.

Tidinya sumping dawuhan:
"Heh Mungkar wa Nakir, Aing geus ngahampura ka eta jalma karana arah-arah kakasih Aing, Abdul Qodir. Keun eta jalma entong disiksa!".


***
Home