Manqobah 39

MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN UNGGAL DATANG TAUN ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA JEUNG SOK NYARITAKEUN NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN ETA


Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalayang di awang-awang di luhureun mangrebu-rebu jalma di majlis anjeuna, bari sasauran kieu:
"Henteu bijil mata poe anging mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang anu bakal kajadian dina eta taun. Jeung datang bulan, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang nu bakal kajadian dina eta bulan. Jeung datang minggu jeung poena, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu jeung poe. Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja anu cilaka, kabeh diasongkeun ka kaula. Jeung jejelmaan panon kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung kaula teuleum dina lautan elmuna Allah jeung lautan musyahadah, jeung kaula hujjahna Allah ka maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW. Jeung kaula ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya guruna, ari kaula guruna kabeh".


***
Home