Manqobah 40

MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN ANJEUNA DIPAPARIN BUKU PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA DUGI KA YAUMIL KIAMAH


Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul Asror, Sayyid Abdul Qodir ngadawuhkeun kieu:
"Kaula dipaparin buku, ari gedena satungtung paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka poe kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga kaula.
Lamun murid kaula henteu alus, kaula anu alus. Demi kamulyaan Pangeran kaula, leungeun kaula henteu lesot tina sirah murid kaula, sanajan kaula aya di masyrik, murid kaula aya di maghrib. Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu ditutupan ku kaula. Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek nangtung dina lawang jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun kana jahanam, karana Gusti Allah maparin ka kaula, yen murid kaula moal diasupkeun kana jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung mahabbah ka kaula, tangtu ditarima ku kaula, jeung tangtu kaula nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir geus jangji ka kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula.


***
Home