Manqobah 41

MANQOBAH KA 41 NYARIOSKEUN HIJI JALMI NGENYOT RAMONA TERAS HENTEU PALAY BARANG TUANG


Dawuhan Syekh Al-Arif Abu Muhammad Syawir As-Sibti:
"Kaula hiji waktu ngajugjug ka Baghdad, ziarah ka Sayyid Abdul Qodir, sarta terus kaula ngarencangan kenging sawatara zaman.

Barang kaula rek balik ka Mesir, teras unjukan ka guru kaula, Sayyid Abdul Qodir. Saurna:
"Jig, didu'akeun ku kaula, moal manggih naon-naon", sareng anjeuna maparinkeun ramona miwarang dikenyot, sareng anjeuna wasiat:
"Di jalan ulah rek jajaluk".

Teras kaula indit ti Baghdad, teu mekel naon-naon.

Ti sabarang kaula indit ti Baghdad, tepi kadatang ka Mesir, kaula henteu ngarasa hayang barang dahar atawa ngarasa dahaga, tapi kakuatan kaula, kajagjagan kaula henteu kurang naon-naon".


***
Home