Manqobah 42

MANQOBAH KA 42 NYARIOSKEUN SYEKH SHON'ANI KUMARGI HENTEU TUMUT KANA DAWUHAN SAYYID ABDUL QODIR DUGI KA MUPUNGGU ANAK BAGONG


Waktos Sayyid Abdul Qodir nampi dawuhan yen dampal sampeanana nincak kana pundukna wali-wali, teras eta dawuhan diembarkeun kasadayana, sareng teras sadayana wali-wali anu hadir anu goib pada nendeun dampal sampean Sayyid Abdul Qodir kana pundukna karana ngahurmat sareng ngagungkeun, mung aya sahiji wali jenengan Syekh Shon'ani,saurna: "Kaula oge mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, tapi ari ditincak punduk mah henteu kudu".

Eta cariosan Syekh Shon'ani kitu teh kauninga ku Sayyid Abdul Qodir.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Dampal suku kaula bakal nincak kana pundukna tukang ngangon bagong".

Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, Syekh Shon'ani angkat ziarah ka Mekkah, diiring ku 400 santri-santrina. Kalawan kapastian tinu Maha Agung, barang Syekh Shon'ani ngalangkung ka nagara kafir, di hiji warung anjeuna ningali hiji istri bangsa nashroni tukang ngajual arak. Eta istri pilih tanding kageulisanana, jarang pameget anu henteu kagendam ku eta istri. Syekh Shon'ani oge geus henteu isin ku santri-santrina anu ngiring ka anjeuna, teras babantu ka eta istri, sareng kalintang suhudna, sagala pagawean dicabak tara kungsi dipetakeun, sareng pohara senangna sareng gumbirana.

Barang hiji dinten eta istri miwarang ngangon bagong ka Syekh Shon'ani. Anakna anu leutik keneh kudu dipanggul, bisi katincak ku indungna.

Syekh Shon'ani dipiwarang ngangon bagong teh henteu ngarasa hina, atoh bae dipiwarang kunu geulis. Teras saban-saban dinten ngagiring-giring bagong, ana mulih manggul anak bagong anu leutik keneh.


Barang santri-santrina ningali kaayaan kitu teh teras naringgalkeun. Anu ngiring sareng Syekh Shon'ani kantun duaan, nyaeta Syekh Fariduddin sareng Syekh Mahmud Maghribi.

Saur eta dua murid:
"Beu,ieu urusan moal bisa beres deui lamun henteu diomean ti huluwotannana. Ieu teh moal salah deui panyapaan Sayyid Abdul Qodir".

Saur Syekh Fariduddin: "Ayeuna jisim kuring rek ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, ari anjeun tungguan di dieu Syekh Shon'ani".

Teras Syekh Fariduddin angkat ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, teras milari padamelan di Sayyid Abdul Qodir, nanging henteu aya lowongan. Tidinya teras anjeuna ngabantu padamelan anu kacida hinana, nyaeta miceunan kokotor ti kakus.

Barang hiji dinten katingali sareng kauninga ku Sayyid Abdul Qodir, Syekh Fariduddin keur waktos hujan nyuhun hiji tong anu pinuh ku kokotor, atuh nyurucud kana salirana. Tidinya teras disauran ku Sayyid Abdul Qodir sareng ditaros jenenganana.

Saur Syekh Fariduddin:
"Jisim abdi teh Fariduddin, rencangna Syekh Shon'ani".

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh hayang naon, pek geura menta?".

Saur Syekh Fariduddin:
"Tuan langkung uninga kana pakarepan jisim abdi".

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Heug, maneh dipaparin maqom anu luhur jeung dihampura guru maneh".

Saur Syekh Fariduddin: "Henteu aya maqom anu luhur tibatan dihampura dosa guru abdi".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, geus dihampura dosa guru maneh karna arah-arah maneh !".

Dina menit harita Sayyid Abdul Qodir ngahampura, menit eta keneh Syekh Shon'ani ngorejat, eling tina lalina, teras istighfar, sareng dina manahna banget cumantel sareng mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna angkat ka Baghdad, tobat ka Sayyid Abdul Qodir. Ari eta istri nashroni teras ngiring ka Syekh Shon'ani lebet agama islam.


***
Home