Manqobah 43

MANQOBAH KA 43 LAUK WAHANGAN DAJLAH NGADAREUHEUSAN NYARIUMAN KANA DAMPAL SAMPEANANA


Ngandika Syekh Sahal Bin Abdillah At-Tastari r.a. dina mukasyafahna:
"Hiji poe urang nagara Baghdad kaleungitan Sayyid Abdul Qodir, teras ditareangan. Kapendak keur calik diluhureun cai wahangan Dajlah, keur digimbung ku lauk mani pagulung-gulung, paboro-boro nyariuman panangan sareng sampeanana.

Saur Syekh Sahal:
"Kaula henteu bosen-bosen ningali pagulung-gulungna lauk anu rupa-rupa tingkahna reujeung beda-beda kaayaanana, jeung warnana, nepika manjing waktu zhuhur.

Tidinya kaula ningali sajadah hejo disulam ku benang emas jeung perak ditulisan dua jajar.

Ka 1:
"alå inna auliyå allòhhi là khoufun 'alaihim wa là hhum yahzanuun".

Ka 2:
"salàmun 'alaikum ahhlal baiti innahù hamìdum majìdu".

Eta sajadah ngampar di awang-awang luhureun wahangan Dajlah. Teras Sayyid Abdul Qodir calik dina eta sajadah.

Henteu lami burubul pirang-pirang pameget karasep sareng matak isin matak ajrih ngiringkeun hiji pameget anu pinunjul tinu sanesna kasepna sareng hebatna. Sadayana pada ngadeug payuneun sajadah kalawan adab.

Tidinya Sayyid Abdul Qodir netepan berjama'ah, ngimaman kasadayana. Nya kitu deui sadayana wali Baghdad ngiring netepan.

Samangsa-mangsa Sayyid Abdul Qodir maca takbir ingtiqòl, malaikat anu ngagotong 'arasy oge takbir.

Sayyid Abdul Qodir maca tasbeh, malaikat anu aya di langit oge ngiring maca tasbeh.

Saparantos netepan, teras anjeuna ngadu'a supaos murid-murid anjeuna istri pameget, maotna dina jero tobat. Diaminan ku malaikat.

Tidinya aya timbalan tinu Agung:
"Heh Abdul Qodir, ayeuna du'a maneh geus diijabah".


***
Home