Manqobah 18


MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI



Dicarioskeun ku Syekh Hawad Al-Qodiri:
"Aya hiji lalaki ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, unjukan hayang gaduh anak lalaki.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Maneh menta barang anu gholib, heug moal henteu boga".

Tidinya eta jalma saban dinten henteu petot-petot hadir di majlis Sayyid Abdul Qodir.

Barang parantos lami, eta jalma kalawan kapastian tinu Maha Kawasa gaduh anak, tapi anak awewe.

Teras eta anakna dicandak ka SAQ. Piunjukna:
"Gusti, kapungkur abdi nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu gening awewe?".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi lalaki !".

Teras eta orok dibuntel dibawa balik.

Barang dibuka di imahna, eta budak jadi budak lalaki kalawan idzin Allah Ta'ala.


***
Home