Manqobah 19

MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR


Kacarioskeun di jaman Sayyid Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi eta jalma kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir.

Saeunggeus eta jalma maot, di jero kubur disual ku Malaikat Mungkar wa Nakir.

Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan Abdul Qodir.

Tidinya sumping timbalan ti Gusti Allah:
"He Mungkar wa Nakir, eta jalma bener pasek, siksaeun.
Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka kakasih aing, ayeuna dihampura ku aing".


***
Home