Manqobah 29

MANQOBAH KA 29 NYARIOSKEUN NGAHAMPURA RAJA JIN KA JALMA ANU MAEHAN PUTRANA


Dicarioskeun ku ulama Baghdad, di Baghdad aya hiji alim.

Saba'da jum'ah anjeuna angkat ziarah ka kuburan diiring ku santri-santrina.

Barang di jalan, mendak oray hideung, teras diteunggeul ku tungkedna dongkap kapaeh.

Saparantos maehan oray, reup poek ku mega. Les alim teh teu aya.

Santri-santrina kalintang karageteunana, teras pada milari, tapi weleh henteu kapendak.

Kinten-kinten sajam ti waktos henteu aya, eta alim teh sumping deui, sarta ginding luar biasa. Teras ku santri-santri dibarujeng sareng ditaros.

Saur ulama:
"Tadi teh basa poek, kaula dibarawa ku pirang-pirang jin ka hiji pulo. Tuluy dibarawa ka jero laut, ka nagara jin. Tuluy kaula dideuheuskeun ka rajana. Kasampak rajana keur ngadeg dina kartil karajaan. Dipayuneun raja aya mayit dijolopongkeun dina luhur dipan anu kacida alusna. Sirahna beulah. Getihna ngucur keneh kana awakna.

Tidinya tuluy mariksa ka jin anu mawa kaula. Saurna:
"Saha ieu teh?".

Saur balad2na: "Ieu teh jalma anu maehan putra Gusti tea!".

Tidinya tuluy eta raja ningali kakaula. Ningalna bangun pohara benduna. Saurna:
"Naha maneh make maehan anak kaula henteu kalawan dosa? Piraku maneh henteu nyaho dosana maehan? Kapan maneh kasebut ajengan?".

Dijawab ku kaula:
"Perkawis maehan tuang putra, jisim abdi henteu pisan-pisan. Sumawonten maehan, pependak oge henteu!".

Saur raja:
"Maneh moal bisa mungkir, sabab tah saksi sakitu lobana".

Dijawab deui ku kaula:
"Sadayana oge bohong, fitnah wungkul".

Sanggem saksi-saksi:
"Cobi ku Gusti parios getih anu aya dina iteukna".

Saur raja:
"Ari eta dina iteuk maneh getih naon?".

Jawab kaula:
"Ieu mah getih tina maehan oray".

Saur raja:
"Maneh jalma pangbodo-bodona. Mun teu nyaho, tah oray teh anak kaula".

Tidinya kaula bingung henteu bisa ngajawab deui. Bumi alam asa rapet tina bawaning ku susah. Tuluy raja ngalieuk kapanghulu. Saurna:
"Ieu jalma geus ngaku maehan anak kaula, geura bere putusan hukum pati!".

Tidinya tuluy panghulu mere putusan, yen kaula kudu dipaehan. Tuluy kaula dipasrahkeun ka logojo.

Barang kaula rek disabet ku logojo, kaula ngajerit dina hate, nyuhunkeun tulung ka Sayyid Abdul Qodir.

Barang kaula ngajerit, jol aya hiji lalaki anu mancur cahayana. Ceuk eta lalaki:
"Ieu jalma ulah dipaehan, sabab muridna Sayyid Abdul Qodir. Lamun ku anjeun dipaehan, kumaha pijawabeun anjeun ka Sayyid Abdul Qodir upami anjeuna bendu?".

Saur raja:
"Ajengan, kulantaran kaula ngagungkeun ka Sayyid Abdul Qodir, dosa anjeun anu sakitu gedena dihampura kukaula, ngan memeh mulang, pangimamkeun heula nyalatan anak kaula jeung pangmacakeun istighfar".

Tuluy kaula dibere papakean.

Sanggeus beres nyalatan, tuluy kaula dianteurkeun deui kadieu.


***
Home