Manqobah 28

MANQOBAH KA 28 NYARIOSKEUN SAKABEH JIN IPRIT AYA DINA BAWAHAN KAKAWASAANANA


Dicarioskeun, Kangjeng Nabi Sulaeman dina hiji waktos kagungan manah melang ka jalma-jalma di akhir zaman, margi bangsa jin kalintang barengalna, sarta carulangungna.

Saurna:
"Kumaha engke saenggeus henteu aya aing eta bangsa jin jeung syetan? Mana teuing moal ngahargaanana ka bangsa manusa. Cacak ayeuna oge keur aya keneh aing sakitu barengalna".

Tidinya aya sora tinu ghoib:
"Anjeun entong melang, sabab engke aya panutup Nabi, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Salah sahiji putrana aya anu jenengan Abdul Qodir. Tah eta anu bakal dipaparin kakawasaan ngabawah bangsa Jin sareng syetan. Moal aya hiji jin atawa syetan anu henteu turut ka anjeuna".


***
Home