manqobah 3

MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR



Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami.

Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian.

Sadayana guru anjeuna pada nyarioskeun kana calakanana.

Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli.

Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi.

Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas.

Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa'id Al-Mubarok.

Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan.

Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.


***
Home