manqobah 4

MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR

Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir, tegesna talajakna eta banget sieun ku Allah, sahingga gampil pisan kaluar cisocana, sareng diijabah du'ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan, kalintang caketna kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina perkara mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain karna Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun anggoanana.

Anjeuna kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Kasepna kawaris kakasepan Kangjeng Nabi Yusuf as.

Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra.

Adilna adil Sayyidina Umar ra.

Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman ra.

Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali kw.


***
Home