manqobah 5

MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI


Ari panganggona nyaeta jubah nu didamel tina bulu domba anu kasar.

Dina mastakana dibeulitan ku saceuwir lawon.

Ari angkat-angkatan, sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi sapatu.

Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi wahangan.

Ari wengi seseringna tara kulem.

Hiji waktos anjeuna parantos sababaraha dinten henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma:
"Ieu jisim abdi seja babakti, nyanggakeun artos. Ari artosna diwadahan dina kanjut kundang. Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Nuhun", sareng eta artos ditampi.

Teras Sayyid Abdul Qodir ngagaleuh roti keur katuangan.

Barang anjeuna parantos calik bade tuang roti, guprak aya serat anu ragrag ti awang-awang. Ari unina eta serat kieu:
"innamà ju'ilatisy syahhwàtu lidlo'afä-i 'ibàdì liyasta'ìnù bihhà 'alàth thò'àti, wa ammàl aqwiyà-u famà lahhum walisy syahhwàti".

Hartosna:
"Pikeun abdi aing anu lembek, memang dipaparin syahwat kana barang dahar, supaya bisa nulung kana tho'at. Ari pikeun jalma anu gagah mah naon perluna nurutkeun syahwat?".

Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras dituang. Teras anjeuna angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh samata-mata pepeling tinu Agung kana salirana.


***
Home