Manqobah 31

MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN SAYYID ABDUL QODIR NYIUM PANANGAN KANGJENG NABI WAKTOS ZIARAH


Hiji waktos anjeuna angkat ziarah ka eyangna ka Madinah.

Barang sumping ka Hujroh Syarifah, Pakuleman Anu Mulya, anjeuna ngadeg di payuneunana kenging 40 dinten.

Panangan duanana di kana dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet:
"Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya aktsaru, kamitslil jibàlits tsummi bal hhiya akbaru. Walàkinnahà 'ingdal karìmi idzà 'afà, janàhum minal bu'ùdli bal hhiya ashghoru".

Hartosna:
"Ari dosa sim abdi ibarat budah laut, ibarat gunung luhur, malihan langkung ageung. Nanging upami Gusti nu loman ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang".

Teras anjeuna munajat deui ku ieu 2 bet:
"Fì hàlatil bu'di rùhì kungtu ursiluhà, tuqobbilul ardlo 'annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì naubatul asybàhi qod hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì".

Hartosna: "Waktos tebih ti Gusti, ruh sim amdi dijurung, ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi ayeuna abdi pribadi dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi".

Barang parantos kitu, jol panangan anu mulya kaluar tina Hujroh Syarifah. Teras ku Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng disimpen dina luhur mastakana.


***
Home