Manqobah 49

MANQOBAH KA 49 NYARIOSKEUN RAJA HADIAH ARTOS JADI GETIH


Dicarioskeun, satemen-temena Yusuf Abil Muzhoffar, raja Baghdad ngintunkeun artos 10 karung digotong ku 10 jalma.

Eta artos ku Sayyid Abdul Qodir henteu ditampi.

Tidinya sumping raja ku anjeun. Saurna:
"Kaula hadiah artos 10 karung ulah henteu ditampi".

Tidinya Sayyid Abdul Qodir nyandak 2 karung, teras dipencet kupananganana. Ari burusut teh getih ngocor tina karung.

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Tuh tingali, karung teh eusina getih jalma, kenging anjeun meresan ti jalma-jalma, mangkaning kudu ditarima?".

Raja kalintang isineunana ku Sayyid Abdul Qodir. Pameunteuna reup beureum ray pias.

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Demi kamulyaan Dzat Allah, lamun nasabna henteu teras ka Rosululloh SAW, tangtu ieu getih teh ngawahangan ngocor kabumina".


***
Home