Manqobah 50

MANQOBAH KA 50 NYARIOSKEUN RAJA NYUHUNKEUN BUAH APEL DINA LAIN WAKTUNA


Hiji waktos, raja sumping kabumina.

Saurna:
"Cing nyuhunkeun karomah nu sakinten jadi katentreman kana hate".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Palay naon atuh?".

Saur raja:
"Hoyong buah apel".

Mangkaning harita teh sanes usumna.

Tidinya teras panangan Sayyid Abdul Qodir diangkatkeun ka awang-awang. Ari dikahandapkeun deui, dina pananganana aya buah apel dua. Anu hiji dibeulah kuanjeuna, anu hiji deui disanggakeun ka raja.

Ari nu dibeulah ku raja dijerona pinuh kubilatung.

Saur raja:
"Naha ieu mah pinuh kubilatung?".

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Margi eta mah parantos dicabak ku panangan anu zholim".

Tidinya eta raja teras istighfar tobat dipayuneun Sayyid Abdul Qodir, sareng teras ngarencangan dugi kapupusna Sayyid Abdul Qodir.


***
Home