Manqobah 52

MANQOBAH KA 52 NYARIOSKEUN SHOLAT HAJAT SARENG NYUHUNKEUN TULUNG KA SAYYID ABDUL QODIR


Dicarioskeun tina kitab Bahjatul Asror, dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Saha-saha anu menta tulung ka kaula dina kasusahan, mangka dileungitkeun kasusahanana. Jeung saha-saha anu ngagero nyebut ngaran kaula dina kapayahan, tangtu dibungahkeun. Jeung saha-saha anu tawasul ka kaula dina ngahasilkeun pangabutuhna, tangtu dihasilkeun maksudna. Jeung saha-saha anu Sholat Sunnat Hajat 2 rakaat, dina unggal-unggal ba'da fatihah maca surat Al-Ikhlas 11x, ari geus salam tuluy ngalengkah ka jihat Iroq 11 lengkah jeung sebut ngaran kaula jeung hajatna dina unggal-unggal salengkah, mangka dihasilkeun maksudna".

Ari pertingkahna sholat hajat:
"ushollì sholàta qodlò-il hàjati taqorruban ilallòhi ta'àlà wang qithò'an 'an ghoirihhi ilà jihhatil ka'batisy syarìfati allàhu akbar".

Tuluy maca fatihah, tuluy maca qulhu, maca sholawat sabelas-sabelas kali, tuluy ruku sujud biasa.
Rakaat kadua cara bieu bae.

Sanggeus salam tuluy sujud, maca ieu 11x:
"yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, yà ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn aà muhammad as sayyid 'abdul qòdiril jailànì aghitsnì wa amidnì fì qodlò-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjàti".

Tuluy nangtung. Tuluy ngalengkah salengkah ka jihat Iroq (ari jihat Iroq teh ti urang mah, ti pulo jawa, tina qiblat sholat teh ngaler keneh, ampir nyela bumi, ampir antara kulon sareng kaler), tuluy maca:
"yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, ya ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì abà muhammadìn as sayyid 'abdul qòdir al-jailànì".

Kitu bae bacaanana tepi ka 11 lengkah, tuluy dampal sukuna anu katuhu tumpangkeun kana suku kenca, tuluy maca sholawat 11, fatihah,qulhu, idzàja anashrulloh sabelas-sabelas kali, tuluy maca:
"yà junùdallòhhi wa yà 'ibàdallòhhi aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlò-i hàjatì hhàdzihhì yà qodliyal hàjati, amìn, amìn, ya syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robànì yà ghoutsash shomadànì, yà mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn abà muhammadin as sayyid 'abdul qòdir al jailànì".

Sanggeus kitu tuluy diuk dina pangsholatan kalawan muroqobah, hadirkeun hate ka Allah sarta maca:
"là ilàha illallòh" 108x, tuluy sujud deui bari maca:
"yà rùhal qudùs, wa yà junùdallòhhi wa yà 'ibàdallòh, aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlö-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjat, amìn, amìn".

Jeung memeh prak sholat, kudu ngukus heula anu seungit, jeung kudu sidkoh ka sabelas faqir, ku sidqoh naon bae.


***
Home