Manqobah 53

MANQOBAH KA 53 NYARIOSKEUN PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR


Barang parantaos caket kana pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat 'izroil dina waktu surup mata poe nyandak tulisan, addresna: "yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal mahbùbi".
Hartosna:
"Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih".

Teras eta serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb.

Barang putrana ningali eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka Sayyid Abdul Qodir.

Ari pupusna dina malem senen ba'da isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud taun 561 Hijriyyah.

Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana:
"Sing jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian maraneh, jeung kudu aradab maraneh".

Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos:
"wa 'alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum, tàballòhhu 'alayya wa 'alaikum, bismillàhi ghoiro mawdi'ìna".

Sareng ngaos:
"tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u ilaikum".

Sareng ngaos:
"rifqon rifqon wa 'alaikumus salàmu ajì-u ilaikum".

Sareng ngaos:
"qifù atàhul haqqu wa sakarotul mauti".

Sareng dawuhanana:
"Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji perkara saba'da kaula bulak-balik dina elmuna Allah".

Sareng ngaos:
"ista'angtu bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta'àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu subhàna mang ta'azzaza bilqudroti wa qohhharo 'ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhhu muhammadur rosùlullòh ta'azzaza ta'azzaza Allòhu Allòhu Allòhu".
Sowantena bedas, teras lalaunan pupus ridlwànullòh 'alaihh.


***
Home