manqobah 7

MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR

Dawuhan Syekh Abù 'Abdillah Muhammad Al-Hirowi:
"Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40 taun.

Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya.

Upami anjeuna parantos netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng dugi ka shubuh.

Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade nepangan ka anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok ngantos dugi ka shubuh".

Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi:
"Hiji wengi jisim kuring nyarengan ka Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan.

Ari damelna sonten keneh netepan sunnat.

Ari kawenginakeun teras dzikir.

Ari parantos ngalangkung sepertiluna wengi teras ngaos:
"almuhìthur robbusy syahhìdul hasìbul fa'àlul khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir".

Tidinya salirana beuki alit-beuki alit, dongkap ka alit pisan.

Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi.

Ari parantos ageung, teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les henteu katingali.

Ari parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui netepan, sareng kalintang lamina dina sujud.

Kitu bae damelna, dugi ka duapertiluna wengi.

Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep ka kiblat, ngaos pirang-pirang du'a.

Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna, dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta cahaya, sareng kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar".


***
Home