Manqobah 8


MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR



Sayyid Abdul Qodir ditaros:
"Naon anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"'Alash shidqi wa mà kadzibtu qoth". Hartosna:
"Ari tangtungan kaula jeung dadasar kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong".

Dicarioskeun waktos anjeuna murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di tegalan.

Barang eta onta keur digiringkeun, eta onta ngomong, pokna:
"Heh Abdul Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!".

Anjeuna kaget aya onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun.

Ari anjeuna teras angkat ka loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna:
"Ibu, tadi onta anu bade diangon ku abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku Gusti Allah teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag mah, abdi bade masantren ka Baghdad".

Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang bingahna. Saurna:
"Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina sagala ucap-ucapan jeung kalakuan".

Saur Sayyid Abdul Qodir:
"Nyuhunkeun hibar ibu bae".

Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring sareng ontan-ontan anu ka Baghdad.

Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan.

Barang dongkap kadinya, burubul aya 60 rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-parabotna, teras sadayana sodagar dirampog.

Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog:
"Silaing boga naon?".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun kelek kaula!".

Ceuk rampog: "Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!".

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi.

Eta rampog henteu percayaeun deui bae.

Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge.

Ceuk kapalana:
"Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun, boa teuing enya bogaeun 40 dinar".

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku rampog teh ka kapalana.

Barang sumping ka kapalana rampog, teras ditaros cacandakanana.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!".

Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana.

Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae.

Tidinya teras naros ka Sayyid Abdul Qodir:
"Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara ngabejakeun ari acan ditakol mah?".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Kaula mah henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu bener. Kaula moal nyulayaan kana wasiat indung".

Tidinya segruk eta kapala rampog teh ceurik, bari ngomong kieu:
"Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna henteu wani ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun gawe teh ngan wungkul ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti Allah ditangan sampean".

Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat.

Barang-barangna anu kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna.

Ari saparantos kitu, teras anjeuna angkat ka Baghdad. Harita yuswana 18 taun.


***
Home