Manqobah 9


MANQOBAH KA 9
NYARIOSKEUN NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI



Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521:
"Kaula ningali Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana:
"He anak Kaula, naha maneh henteu geura muruk mitutur ka jalma-jalma?".

Teras kaula unjukan:
"Kumaha rek tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu parasehatna".

Dawuhan Rosululloh:
"Coba bukakeun sungut maneh!".

Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna:
"Jig, maneh geura muruk mitutur. Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus".

Saparantos kitu, tuluy kaula sholat dzuhur.

Henteu kungsi lila, burudul jalma-jalma daratang kacida seueurna.

Kaula ngadegdeg, jeung hate kaula ngageter, henteu bisa pok nyarita.

Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg hareupeun kaula.

Dawuhanana:
"Naha lain geura pok muruk mitutur teh?".

Unjukan kaula:
"Ieu da hate abdi ngageter wae, gado noroktok."

Dawuhan Sayidina Ali:
"Coba calangap!".

Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula:
"Kumaha margina henteu tujuh kali?".

Dawuhan Sayidina Ali:
"Karana adab ka Rosululloh".

Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya.

Ari saparantos kitu mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur.


***
Home