Manqobah 10


MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA MASING-MASING PADA BOGA MASALAH


Dicarioskeun ku Syekh Abu Muhammad Al-Mufarroj:
"Waktu kaula milu hadir dina majlis Sayyid Abdul Qodir, sarumping 100 ulama Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta masalahna henteu sami.

Barang eta ulama-ulama parantos caralik dipayuneunana, teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya tina leresan manahna. Eta cahaya teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea.

Saparantos ulama-ulama kaliwatan ku cahaya, teras ulama-ulama eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit, teras maruka sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid Abdul Qodir. Teras sampean Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana sirah ulama-ulama ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang cekcokna, ngaguruh henteu aya daratanana.

Ari saparantos kitu, teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku Sayyid Abdul Qodir ditangkeupan saurang-saurang.

Ari parantos sadayana ditangkeupan, teras masalah saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul Qodir sareng jawabanana.

Sadayana ulama pada kaget ku kapinteran Sayyid Abdul Qodir dina ngajawab masalah sareng karomatna.


***

Home