Manqobah 11

MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR


Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin Muhammad Al-Junaidi:
"Dina wengian mi'roj Kangjeng Nabi, sumping malaikat Jibril nyandak buroq.

Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan.

Ari paku-pakuna cara bentang.

Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi, eta buroq henteu daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: "Kunaon buroq, numatak maneh henteu daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?".

Tuluy eta buroq unjukan. Pokna:
"Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes".

Dawuhan Rosululloh:
"Heug, dikobul pamenta maneh".

Unjukan deui eta buroq:
"Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana punduk abdi, supaos jadi tawis dina dinten kiamah".

Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana pundukna buroq.

Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi ka 40 hasta.

Tidinya Kangjeng Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu saneh.

Tidinya teras sumping ruhna Ghoutsul A'zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan:
"Gusti, mangga ieu punduk abdi titih ku Gusti".

Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul A'zhom. Teras Ghoutsul A'zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq, sareng ngadawuh Kangjeng Nabi:
"Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh. Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh".



***
Home