Manqobah 12

MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR


Dicarioskeun dina kitab Roudlotun Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul Qodir, dina bab ka 6, ti zaman Abi Ali Al-Hasan Al-Bashri dongkap kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu aya hiji alim anu muruk agama islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal zhohirna Sayyid Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama pada ngaku kana kawaliyanana Sayyid Abdul Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid Abdul Qodir bakal ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal nincak kana pundukna wali. Sareng wali-wali narima kana eta embaran, kajaba hiji wali di nagara Ashfahan henteu narima kana eta embaran.

Kumargi henteu narima kana eta embaran, eta wali anu sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana.

Jadi Sayyid Abdul Qodir teh ampir 300 taun deui kalahirna, parantos masyhur kawaliyanana.


***
Home