Manqobah 13


MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR HENTEU GADUH WUDLU


Dicarioskeun dina kitab Kalzaril Ma'ani, dina nembean Sayyid Abdul Qodir kenging pangkat kawalian, anjeuna kabuleun ku sifat Jalaliyah, tegesna sifat kagagahan.

Tina margi kitu, jenenganana oge kalintang ahengna, sahingga upami jenenganana disebut henteu kalawan adab, nyaeta henteu gaduh wudlu, mangka pegat beuheungna jalma nu nyebut henteu gaduh wudlu tea.

Saparantos kitu Sayyid Abdul Qodir tepang sareng Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi:
"Hey Abdul Qodir, eta pagawean maneh ulah dipigawe, karunya ka jalma-jalma di akhir zaman, sabab jaga mah pirang-pirang jalma anu nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge henteu kalawan adab".

Teras eta padamelan ditilar, margi ulama-ulama Baghdad pada ngadareuheus ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta padamelan ditilar, margi hawatos ka jalma-jalma.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
"Ieu teh lain kahayang kaula. Kaula meunang timbalan ti Gusti Allah:
"Maneh geus ngagungkeun kana jenengan Aing, jadi ngaran maneh oge diagungkeun ku Aing.

Dawuhan satengah
ulama:
"Numawi jenenganana kalintang sangetna, anjeuna sok ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil Yamani karangan Sayyidina Ali kw 'anhu.


***
Home