Manqobah 15


MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A'ZHOM


Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna:
"Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Enya, jig bae balik. Anak maneh geus aya di imah".

Tidinya teras eta awewe gura-giru balik.

Barang dongkap ka imahna, anakna henteu aya.

Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya.

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Ayeuna mah tangtu geus aya".

Deregdeg deui eta awewe balik.

Ari dongkap ka imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan, nyuhunkeun anakna hayang hirup deui, hayang aya deui.

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna.

Barang cengkat, ngadawuh. Saurna: "Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus aya".

Tidinya teras eta awewe balik.

Barang dongkap, anakna geus aya di imahna sarta salamet.

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna:
"Jisim abdi kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna. Kumaha margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua kali?".

Dawuhan Gusti Allah: "Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener. Barang mimiti disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat jiwa ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna".

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir unjukan deui:
"Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan kasusahan. Nya kitu deui dina ba'atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti numawi sakitu lamina?".

Dawuhan Gusti Allah:
"Abdul Qodir, maneh entong jadi raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku aing?".

Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna:
"Gusti kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti, abdi kalintang nuhunna".

Dawuhan Gusti Allah:
"Saha anu nenjo kamaneh dina poe juma'ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi emas".

Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: "Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna saparantos maot abdi".

Dawuhan Gusti Allah:
"Ngaran maneh dijieun seperti ngaran kami dina ganjaranana jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh, ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami".


***

Home