Manqobah 14

MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA

Dicarioskeun ku guru-guru anu laluhung, saha-saha jalma anu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir henteu boga wudlu, mangka eta jalma ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina.

Sareng saha-saha jalma anu nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu dilakonan, supaya ulah kasebut jalma bedegong, matak kawalat.

Sareng saha-saha jalma anu ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum'ah, teras maca fatihah dihadiyahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana dibagikeun ka fakir miskin, sarta eta jalma nyuhunkeun syafa'at sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir dina ngahasilkeun maksudna, tangtu eta jalma meunang pirang-pirang pertulungan ti Gusti Allah kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir.

Sareng saha-saha jalma nu maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, tangtu eta jalma dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya akherat.

Jeung saha-saha nu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna, ngaagungkeun ka anjeuna, mangka eta jalma ku Gusti Allah dibungahkeun dina eta poe sarta dilebur dosana.


***
Home